Résénsi
Pilem
Pilem
Haikyuu!! The Dumpster Battle
a.
Idéntitas Pilem Jeung Dokumentasi
Genre
: Olah Raga, komedi
Produksi
:
Production I.G
Produsér
: Taku Kishimoto
Sutradara
:
Susumu Mitsunaka
Pangarang
Naskah : Susumu Mitsunaka
Musik
: Yuki Hayashi
sareng Asami Tachibana
Durasi
: 1 jam 26 menit
Rilis
: 29 Mei 2024
b.
Résénsi
Haikyu!!
(Jepangna : ハイキュー!!,
Hepburn: Haikyū!!, ti huruf kanji 排球 "bola voli"),
anu diterbitkeun di Indonesia kalayan judul Haikyu!! Fly High! Volleyball!,
nyaéta hiji séré manga shōnen asal Jepang anu ditulis jeung
diilustrasikeun ku Haruichi Furudate. Bab-bab tunggalna geus dimuat dina
majalah Weekly Shōnen Jump ti bulan Februari 2012 nepi ka Juli 2020.
Manga ieu awalna dirilis salaku cerita one shot dina majalah musiman Jump
NEXT! milik Shueisha saméméh dimuat sacara berseri. Nepi ka bulan Juli 2020,
opat puluh lima volume tankōbon geus diterbitkeun ku Shueisha.
Manga
ieu diadaptasi jadi séré anime anu diproduksi ku Production I.G, jeung
ditayangkan ti bulan April nepi ka Séptémber 2014. Musim kadua ditayangkan ti
bulan Oktober 2015 nepi ka Maret 2016. Musim katilu ditayangkan ti bulan
Oktober nepi ka Désémber 2016. Musim kaopat ditayangkan ti bulan Januari nepi
ka April2020. Sareng dina taun 2024, Haikyuu!! The Dumpster Battle jadi
salah sahiji film movie anu tayang di bioskop Indonesia.
Film
ieu nyaritakeun ngeunaan pertandingan bola voli tingkat SMA anu dilaksanakeun
saban taun, atanapi disebut National Springs. Pertandingan bola voli ieu
dilakukeun ku SMA Karasuno jeung SMA Nekoma. Duanana SMA ieu biasana ngan
saukur patepang dina latihan pertandingan waé, tapi nalika pertandingan ieu,
SMA Karasuno meunang beruntun ngéléhkeun SMA séjén, sapertos SMA Inarazaki anu
idén sareng si kembar Miya, tanpa kaéléhkan. Nanging, SMA ieu kudu ngalaman
kalah ku SMA Karasuno anu saméméhna sok kalah nalika latihan pertandingan jeung
diremehkeun. Sanggeus kaunggulan ieu, SMA Karasuno anu dijuluki “Gagak Terbang”
patepang jeung SMA Inarazaki anu disebut “Ucing.”
Pertandingan
ieu lumangsung kalayan tegang. Di babak kahiji, SMA Karasuno ngunggul poin.
Poin ieu dicetak ku Kageyama Tobio, anu jadi setter, jeung Hinata Shoyo salaku
pemblok tengah kalayan lompatan ikonikna anu vertikal jeung luhur pisan. Di
babak kadua, SMA Nekoma sanggup ngimbangan poin, sabab nalika babak kadua,
salah sahiji pamaénna, Kenma Kozume, geus meunang semangat pikeun maén. Kenma
ieu jeli pisan dina ngalacak gerak-gerik tim lawan, sarta berhasil nyieun jadi1
sama. Di babak penentuan atawa babak terakhir, duanana tim geus kacapean.
Nanging, kalayan alur mundur atawa flashback, tiap anggota tim balik
semangat. Ahirna, SMA Karasuno meunang dina pertandingan ieu, sabab geus nyaho
siasat pertandingan anu dilakukeun ku SMA Nekoma. SMA Karasuno teras neruskeun
pertandinganna ngalawan SMA Kamomedai.
Film
Haikyuu!! The Dumpster Battle seueur ditonton ku para pencinta anime.
Film ieu ngajar arti tina kahirupan anu keur dijalani, kamampuan diri, jeung
pantang nyerah dina sagala hal, sanajan geus sababaraha kali gagal, tapi
kalayan semangat pantang nyerah. Dina film ieu, aya alur maju jeung mundur;
alur mundur ieu dipaké pikeun nyidik masa lalu para tokoh utama sapertos Kenma
Kozume jeung Tetsuro Kuroo, sababna maranéhna resep kana kaulinan bola voli.
Film ieu bisa nyababkeun para panonton seuri, senang, sedih, tegang akibat
pertandingan, scene flashback, jeung kekonyolan tiap tokoh. Film ieu teu
pernah nyieun kuciwa para panontonnya sabab grafikna anu sampurna dina tiap
perspektifna jeung detail-detail leutik séjénna. Loba pisan para panonton satia
Haikyuu nu ngantosan film-film movie jeung serial séjénna.
Sanajan
kitu, film ieu meunang kritik, nyaéta ngan nyorot sababaraha tokoh waé, henteu
sadayana. Lamun tiap tokoh leuwih ditonjolkeun, meureun film ieu bakal meunang
kesan anu leuwih puas, sanajan ayeuna ogé geus nyieun para panonton puas pisan.
Film
anime Haikyu!! The Dumpster Battle berhasil dapet prestasi anu
ngagembirakeun. Sanggeus hiji minggu tayang, film ieu geus nyatet leuwih ti
440.000 penonton, hiji prestasi anu pantes dipuji, saperti anu dilaporkeun ku
akun @bicaraboxoffice dina 7 Juni 2024. Tayangan
perdana film ieu lumangsung dina 29 Mei 2024, sarta ti poé kahiji, Haikyu!!
The Dumpster Battle langsung nyita perhatian. Antusiasme penonton katingali
jelas, kalayan loba bioskop anu ngalaman sold out dina poé pembukaanna.
Tapi
sanajan kitu film ieu ngan nyorot sababaraha tokoh waé, henteu sadayana. Lamun
tiap tokoh leuwih ditonjolkeun, meureun film ieu bakal meunang kesan anu leuwih
puas, sanajan ayeuna ogé geus nyieun para panonton puas pisan. Sareng di
tampilkeun dina televisi.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar