Selasa, 22 Oktober 2024

Resensi Bahasa Sunda - 2 -

 Wasta   : Talitha Syifa Prameila

Kelas    : XII IPA 2

 

RESENSI PERTUNJUKAN TEATER

Teater Doremi “Duit”


 





a.    Identitas Teater  

Wanda                         : Teater

Tema                           : Duit 

Genre                          : Komedi

Karya                         : Ayi G. Sasmita 

Sutradara                     : Robby Gunawan 

Asisten Sutradara        : Vyanda Aulia Nazwa

Stage Manager            : Nabila Khairunnisa Utami

Make Up & Kostum   : Putri Vaya Azzahra

  Najma Keyza Aulia

Artistik                        : Rafi Muhammad Eka Nugraha

                                                  Ervan Azqia Firmansyah

                                                  Rianty Fazira

Panata Musik              : Muhammad Fadly Fadilah Akbar

                                                  Real Himbar Buana

                                                  Rizho Rino Arifin

                                                  Faisal Pratama

                                                  Zahran Riyad

Pamaén                       : Siswa-Siswi SMA Negeri 5 Cimahi 

Durasi                         : 1 jam

Tayang                        : 17 Oktober 2024

Lokasi                        : Gedung Kesenian Rumentang Siang, Jalan Barangsiang, Kosambi

 

b.    Résénsi

Jejer teater ieu nyaeta “Duit” nu disutradarai Robby Gunawan sareng karya ku Ayi Sasmita. Pamaen teater ieu nyaeta siswa-siswa SMA Negeri 5 Cimahi. Lokasi tayangna di Gedung Kesenian Rumentang Siang, Jalan Barangsiang, Kosambi. Teater ieu ditampilkeun kusabab ngarayakeun Festival Drama Basa Sunda.

Ti mimiti caritaan nyaeta anu dilakonan ku siswa-siswi SMAN 5 Cimahi, aya hiji kulawarga alit anu dieusi ku salaki jeung pamajikan, nyaeta Mang Otis jeung Ceu Halimah. Kondisi ekonomi kulawarga eta bisa disebut teu mampu, dahar koreh-koreh cok, imah reyod tembok ku bilik kenteng ku jarami. Di harep imahna aya pos nu sok biasa Mang Otis kumpul jeung warga nu lianna.

Ceu Halimah anu sareukseuk ku karempan salaki anu teu becus neangan gawe. Gawe anu jadi salakina nyaeta kur ngandelkeun jeujeur 2 siki anu baheula jaman keur bobogohan, ngabelaan ngabohong 50k meunang 2 apek, harga aslina 600k meunang 2. Tina hiji caritaan, jeujeur anu sok dipake ku Mang Otis teh dijual ku Ceu Halimah sabab ku kaayaan nu kapaksa kapepet.

Dijualna jeujeur eta teh ka warga didinya, dijualna teh meunang 100k 2 jeujeur. Nya atuh Ceu Halimah teu apal harga aslina, dimana Mang Otis dek nguseup ai jeujeurna eweuh sapaningali. Barang nanya kanu jadi pamajikan yen eta jeujeur teh geus dijual ku harga 100k, Mang Otis teu bisa nahan ka ambeuk yen eta jeujeur teh menang hese baheula. Atuh kanyahoan bohongna Mang Otis ka pamajikanana.

Singket caritaan, dimana Mang Otis keur ka walungan anu biasa nguseup, Mang Otis manggih duit 750jt. Rasa karempan ku kaayaan manggih duit sakitu gedena, ma'lum jalma anu kurang tina pendidikan, der dibawa ka imah, mere nyaho ka Ceu Halimah tentang manggih duit tea. Anu asalna eta salaki jeung pamajikan teh tenang teu mikiran nanaon, herang panon tiis ceuli. Ayeuna mah eta kulawarga teh dijieun loba kasieun jeung ka ambeuk ku eta duit. Warga anu lila-lila curiga, dilaporkeun ka RT setempat. Barang dibuka eta buntelan anu dipercaya duit, apekteh duit anu di buntelan teh duit palsu.

Kacindekan na, duit bisa ngarubah kana laku lampah na jelema, duit bisa ngabutakeun hate jeung pemikiran jalma. Tibatan kitu urang katipu ku kaayaan anu teu beunang ti talungtik, urang kudu maheutan pangarti, teangan elmu cing jembar kamamana.

Kaunggulan panampilan sadaya pamaen bisa ngajentrekeun moral anu teu katingali jeung para tokoh bisa ngajeroan peran jadi urang Sunda ti kampung (natural). Tina teater ieu oge loba pisan palajaran anu bisa diambil hikmahna. Aya oge kajadian anu teu kahajaan tapi bisa asup, eta kajadian resep pisan jeung salalu kaingeutan wae.

Tina teater ieu aya kritikna, nyaeta lamun tiasa panampilan teater doremi bisa ngajukeun panampilan di televisi, jeung aya sababaraha bagian anu kurang pas tina dialogna. Tina teater ieu oge aya kakurangan sarua jeung kritik. Saleuwihna tina panampilan, aya kasalahan ti adegan anu senter nyorot kanu nongton jadi anu narongton serab di kaayaan kitu. Tapi kakurangan ieu bisa katutup kusabab para pamaenna bisa ngajeroan peranna.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Menjelajahi Kaajaiban Taman Satwa Cikembulan Langkung ti Sekadar Kebon Binatang

꧁•⊹٭ Menjelajahi Kaajaiban Taman Satwa Cikembulan Langkung ti Sekadar Kebon Binatang ٭⊹•꧂   ARTIKEL BASA SUNDA  KARYA TALITHA SYIFA PRAMEILA...